Abah Uca

Minggu, 18 April 2010

Ati jeung Letah

Kacaturkeun saurang pakacar digero ku dununganna. Manéhna diparéntah sangkan meuncit embé. Dununganna cumarios : “Cik pangmilihkeun ku ilaing bagéan mana tina awak éta embé anu panghadéna !”
Tutas meuncit éta embé, manéhna nyodorkeun ati jeung létah embé nu geus dipeuncit téa.
Teu kacaturkeun, naon anu dipigawé ku dununganna saenggeus narima ati jeung llétah embé téh. Kocap sababaraha poé ti harita, dununganna ngagero deui, tuluy maréntahkeun supaya mencit deui hiji embé, kalayan cumarios ”Ayeuna, ilaing kudu mangmilihkeun bagéan pang goréng-goréngna tina awak eta embé !”.
Gérésél embé kadua ku manéhna dipeuncit sakumaha paréntah dununganna. Satutasna meuncit, tuluy manéhna nyodorkeun deui ati jeung létah éta embé dibungkus daun waru.
Nempo kana naon anu disodorkeun, katohyan pameunteun dununganna beureum euceuy nembongkeun bebendu. Soantena tarik ngagero pakacar.
“Geus lila ilaing buburuh ka déwék, naon anu jadi marga lantaran poé ieu ilaing ngulinkeun kaula ?”
“Ampun paralun gusti, naon anu dipimaksad ku salira? Abdi teu ngartos ! Sirahna ngeluk, teu wanieun netep pamenteun anu jadi dununganna.
“Tilu poé katukang, kuring nitah ilaing supaya mangmilihkeun bagean panghadéna tina awak embé anu dipeuncit. Ilaing harita nyodorkeun ati jeung létah embé. Bieu, kuring nitah meuncit deui embé séjén kalayan nitah deui supaya dipangmilihkeun bagéan panggoréngna tina awak embé anu dipeuncit. Ilaing nyodorkeun deui waé ati jeung létah embé, naha éta lain ngulinkeun ?” Socana muncereng, mudalkeun kakeuheul.
“Ampun paralun, teu aya maksad sim kuring ngahudangkeun macan turu. Emutan, ati jeung létah mah mangrupikeun anggahota badan anu panghadé – hadéna, tapi ogé bisa janten panggoréng – goréngna dina awak manusa mah. Hadé jeung goréngna manusa gumantung kana naon anu natrat dina atina. Hadé jeung goréngna létah gumantung kana atina. Kitu ogé létah. Létah mawa pangaruh kana kahadéan, kagoréngan jeung kasalametan nu mibanda létah. Teu saeutik jalma anu nyingkahan sholat jama’ah tuluy ngahajakeun sholat munfarid alatan teu resep kana létah imam anu sapopoéna kerep kénéh nyarék jeung nitah batan méré conto ka ummatna. Béh dituna, teu saeutik jalma anu dipaténi alatan teu bisa ngajaga létah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar